LAYANG MUSLIMIN MUSLIMAT JILID KA V

Ieu Pasulukan layang muslimin-muslimat anu ti Garut kenging
Pituahna : Adjar Padang
Dikarang sarta didangding ku : Asep Martawidjaya
Dikaluarkeun ku : Hidajat bin Asep Martawidjaya
Pataruman GARUT Pusat pendjual
M. SATJAWIKARTA jl. Karapitan No. 23A/36A Bandung
M. ATJIP  Gg. Asmi No. 23 Bandung



Kacarios Raden Insan sareng Raden Kamil, rai raka tambah sohor kalungguhannana, elmuna malah parantos disebat Pandita ku sadaya jalmi-jalmi sarta didamel panarosan jalmi-jalmi ti suklakna ti siklukna. Pangglinggihannana mah tetep dina tilas ramana bae. Enggalna carios RadenInsan parantos kagungan putra pameget sakembaran, dupi raina mah Raden Kamil teu kagungan putra, jalaran anjeuna mah teu kersa kagungan garwa, salamina damelna ngan tatapa bae, dupi eta putra sakembaran teh, ku ramana dijenengan, nu hiji Raden Kamil ngalap jenengan ti ramana reh parantos sepuh, nu hiji deui Raden Mukamil, eta murangkalih ti kawit hideng oge teras diwuruk ngaos Qur’an, saparantosna tamat Qur’an, teras kana kitab-kitab ngawurukna hiji sewang, rakana nya ku ramana, raina ku pamanna. Kacarios eta dua murangkalih ngaosna parantos tatas seep kabeh kitab-kitab parantos dijajah. Barang parantos sedeng akil baligh, ku ramana sareng ku pamanna ditibanan ilmu-ilmuna Agama Islam, nyaeta Sare’at, Tarekat, Hakekat, Ma’rifat teras sareng Tauhid-tauhidna, pendekna pada ngetrukeun kopeah, elmu batin elmu lahir.
Kacarioskeun lami-lami Raden Insan sareng Raden Kamil parantos dugi kana waktosna, diselir ku Maha Suci, mulih ka Rahmatullah, rai raka ngan tuturut bae pupusna teh, dipendem dina hiji tempat anu singkur sarta pakuburannana disae-sae jalaran emutannana supaya kenging sakalian dianggo tempat Ujlah. Tafakur mujasmedi ku aranjeunna. Ayeuna kantun putrana, nyaeta Raden Kamil sareng Raden Mukamil, neraskeun padamelan ramana, ngawuruk kitab Qur’an ka santri-santri. Santri-santrina oge tetep henteu incah balilahan, neraskeun pangajiannana ka Raden Kamil sareng Raden Mukamil. Kacarios lami-lami aranjeunna ngaraos kirang senang ngalinggihan dina tilas ramana, reh ngaraos kirang sirna, jalaran parantos rame teuing, seueur tatangga anu ngaradon mukim di dinya, jadi waktos harita parantos jadi lembur ageung.
Hiji waktos aranjeunna babandantenan rai sareng raka ngamufakatkeun bade ngababakan dinu singkur nyaeta dinu caket ka pakuburan ramana, tanahna sae bahe ngetan ngaler. Enggalna carios, rai raka parantos gilig manahna, barang parantos kapendak dintenna nu sae, teras marentah ka santri-santrina, piwarang ngalelemah pibumieun pimasigiteun, enggalna parantos salse, teras bae diadegan bumi, parantos bumi ngadegkeun Masigit, namung Masigitna mah teu ageung sedengan bae, barang parantos beres nya teras dialihan.

Layang Muslimin Muslimat
145
Namung santri-santri mah ditetepkeun dina tilas ramana bae, sarta ngangkat Lurah santri anu diwakilan ngawuruk santri sadidintenna, dupi aranjeunna mah sumpingna ka pondok 10 dinten sakali. Jadi anjeuna mah anu jadi babaku padamelanna teh, suhud khusu kana tirakat tatapa bae. Digentosgentos aya nyegah teu kulem, aya saum, aya kanaat Nabi, aya siram tengah wengi, aya mutih sareng sajabi ti eta. Eta babakan ku anjeuna ditelahkeun Babakan Karang Kasirnan, ku tina anjeunna ngaraos teu kinten sirnana teu kagembang ku naon-naon, kana sanis kanten tambah khusu, tempo-tempo anjeunna teu aya deui nu disaurkeun mung mutala’ah bab ilmu-ilmu lahir batin wincikan dina salira.
Kaleresan hiji wengi nuju caang bulan kaping 14 sarta nuju halodo, rakana sasauran ka raina “Rai, wengi ieu teh kaping 14, hayu urang ngabungbang ulah sare sawengi ieu, tapi ontong kamana-mana urang ngampar samak bae di buruan da moal aya jalma sejen”. Raina ngawalon “Kalangkung nuhunna engkang sasauran ti payun, keur mah abdi oge gaduh emutan, bade unjukan hoyong ngabungbang”.
Enggalna teras nyarandak amparan sareng Kampuh hiji sewang, gek caralik papayun-payun bari ninggali bulan sakitu moncorongna caangna beresih pisan. Barang kinten-kinten tabuh 10, rakana sasauran ka raina “Rai naha engkang mah bet rada tunduh, cik atuh urang ngawangkong, naon bae nu dimutala’ahkeun mah, geura beresihkeun bilih rai aya kabingung keneh, dina bab Tohid-tohidna ilmu”.
Saur raina “Nuhun atuh, kantenan bae kang rai mah seueur keneh kabingung, moal sapertos engkang panginten buleud dina pasal Tauhidna elmu teh, ayeuna rai bade ngawitan tumaros. Dupi manusa anu mawi diwajibkeun kedah Ma’rifat ka Gusti Allah teh, naha supaya kumah diakhirna? Sareng supaya kumaha di Dinyana?”
Jawab rakana “Euh rai pikeun di akhirna mah Wallahu ‘alam, teu beunang diujubkeun boh kana kasampurnaannana, boh kana teu sampurnana oge, da kasampurnaan di akherat mah, nurutkeun kumaha di dunyana”.
Saur raina “Atuh anu kumaha di dunyana teh?” jawab rakana “Anu nyumponan kana ilmu-ilmuna Kangjeng Rasulullahu Shalallahu ‘alaihi wasalam, nyaeta milampah ibadah Sare’at, Hakekat, Tarekat, Ma’rifat. Tah lamun urang bisa nyumponan eta opat perkara, tangtu sampurna dunya rawuh Akheratna, di dunyana jadi syah ibadahna, hartina amal kalawan iman, kapan ceuk Hadist oge kieu : Man Shollaa bilaa ma’rifatin laa tasihu sholaatuhu’ Hartosna pami teu lepat : Jalma Sholat teu kalawan ma’rifat teu syah Sholatna. Malah saur Imam Ghazali mah : Awwalu dinni ma’rifatullahi ta’ala

Layang Muslimin Muslimat
146
Hartosna : Awal-awalna Agama kudu ma’rifat heula ka Allah ta’ala. Dupi dawuhan Allah ta’ala dina Qur’an Surat Al-Hajr ayat 99
‘Wa’bud robbaka hatta yatikal yaqiinu
Hartosna upami teu lepat : Kudu nyembah maneh ka Pangeran maneh sing tepi ka yakin. Dina palebah ma’nana ieu dalil kumaha hartina? Kumaha tepina? rek yakin kana nyembahna bae, ti baligh nepi ka maot sae bae. Cenah rek tepi kana yakin nyembahna bari yakin kanu disembahna, atuh naon batalna? Piraku matak batal kana Islam mah, malah teu euweuheun nu ma’rifat ti baheula oge, nepi ka jaradi Wali gening, mungguh darajat manusa teh teu sami, kadua perkawis wajib ma’rifat teh, supaya urang hirup di dunya teh boga benteng anu kuat, pikeun ngajaga hawa nafsu kanu goreng, jalaran ngaraos isin ajrih siang wengi ku Gusti nu Maha Suci margi tos ngaraos tos teu aya antarana tea, salamina ngaraos ditingali bae”.
Jawab raina “Ku rai nembe kahartos faedahna, numawi manusa wajib ma’rifat teh, pikeun syarat syahna amal ibadah ayeuna keur di dunya, supaya yakin nyembahna moal pegat tepi ka maot. Yakin kanu disembahna moal poho-poho tepi ka maot. Duanana kapigawe, amal kalawan imanda sanajan dina bagian dunya oge, bener nyembahna teh kedah tepung heula sareng nu disembah. Tara ngaheulakeun sembah samemeh kapanggih, benerna puji kedah bukti heula nu dipujina, mun urang tumarima jadi kaula kedah tingali di Gustina”.
“Upami urang karep nyiar rizki jalan tina kuli-kuli, kedah milari pidununganeun nana heula, tara jol kana digawena, margi upami darapon meunang gawe mah, atuh da seueur pigaweeun mah, sajalan-jalan oge seueur tanah bukaeun aya sawah paculeun, aya kebon koredeun, upami ku urang jol prak bae dipacul, teu carita heula kanu bogana, kumaha balukarna? Tangtos dongkap nu gaduh teh, tibatan daek muruhan mah kalah ngusir, da rasana eta sawah atawa kebon rek dipiboga kunu macul tea, atuh puguh bae rugi kadua katilu, saperkawis rugi ku jalaran geus ngaluarkeun tanaga anu sakitu capena, kadua perkawis teu diburuhan, turug-turug bari diusir dicarekan”.
Jawab rakana “Puguh nyakitu geuning jadina teh, tapi rai ari dina bagian Agama mah wajib migawe amal ibadah sateuacanna ma’rifat ka Gusti Allah oge, sabab perlu kudu diajar heula supaya bisa, pibekeleun keur kumawula ka Gusti Allah engke dina geus ma’rifatna.
Ngan bae eta ibadah urang lamun tacan nepi kana ma’rifatna ulah ujub bakal aya buruhan (ganjaran), di kengingna oge ganjaran make aya landratan heula. Tangtu ditimbang amal hadena sareng amal gorengna, kamana beuratna. Beurat kana amal hadean tangtu ragrag ka Sawarga (ganjaran kani’matan), beurat kana amal gorengna tangtu ragrag ka Naraka (kateugeunahan), tah kitu paurna urang lamun teu ma’rifat teh. Upami manusa geus ma’rifat mah moal aya landratan deui, moal aya timbangan

Layang Muslimin Muslimat
147
deui, sabab di dunya geus bisa ngalandrat diri sorangan, geus bisa nimbang hawa nafsuna sorangan, mana nu katimbang goreng moal dilampahkeun, mana nu katimbang hade tangtu dipigawe.
Saur raina “Kumaha upami jalmi teu acan terang kana jalan-jalan ibadah, namung aya kadar ma’rifat ka Gusti nu Maha Suci? Jalanna tina tarekat?”
Jawab rakana “Jalma kitu leuwih untung tanda eta jalma meunang taufik (pitulung) ti Maha Suci, ciri eta jalma dihampura dosana, ti mana bae jalanna mah tangtu nyorang heula tarekat, sabab pikeun ngabuktikeun sifat-sifatna hakekat, nyaeta siaft-sifatna hakekat teh Dzat,Sifat,Asma, barang gaib tea, nu ditingalina sanes ku panon kapala. Hadist nerangkeun kieu :
‘Ru’yatullah ta’ala fiddunya biiainil qalbi
Hartosna upami teu lepat : Ningali Dzat, Sifat Allah ta’ala di dunya ku awasna ati.
Tah kitu rai katerangannana nu ma’rifat ka Allah Subhanallahu wa ta’ala teh, henteu dipastikeun yen kedah tina sare’at jeung kudu bisa ngaji heula kitab, Qur’an bae da gening bieu diluhur disebatkeun ahli sare’at oge ari rek ngudag ma’rifat mah kedah nyorang heula tarekat, sareng elmuna kapan Gusti Allah mah wenang, henteu kedah ka jalma nu bisa maca kitab Qur’an bae maparinna taufik teh, buktina para Wali oge aya nu teu masantren heula, da kadieuna oge teu kurang-kurang anu tarepi kana ma’rifat, nu sanes tina pasantren heula, sok komo deui kautamiannana ka anu mapay ti pasantren, teras dugi kana ma’rifatullah, margi kasaksi ku dalil ku Hadist.
Saur raina “Pasal faedahna yen manusa kedah ma’rifat ku rai parantos kahartos, saperkawis pikeun syarat syahna amal ibadah, sangkan sampurna ibadahna. Kadua perkawis pikeun ngabenteng hawa nafsu goreng, sangkan sampurna laku lampahna hirup di dunya. Katilu perkawis ma’rifat ka Allah pikeun laku kasalametan dunya rawuh Akherat, sabab sifatna anu mawa salamet teh caang, sifatna jalan cilaka teh poek, sanajan ahli agama oge upamu teu ma’rifat ka Allah ta’ala mah, sasat teu acan boga lampu, upami teu acan boga lampu, temahna sok hayang tutubruk bae ka batur ibarat ngajalankeun mobil ti peuting teu make lampu, kajadiannana nya tangtu diaradu bae jeung baturna, nu pada-pada teu make lampu.
Saur rakana “Nyakitu pisan, nu matak ngaji teh sing tepi kana anggeusna, anggeusna ilmu, nya ma’rifat. Tiap-tiap geus ma’rifat tangtu itikadna tetep dina bodo, sanggeusna mirasa bodo moal ujub ria takabur moal rek sirik pidik ka batur kanu kitu kanu kieu oge.
Raina haturan deui “Ayeuna rai bade tumaros deui pasal ma’rifat. Kumaha jalanna supados enggal tepina?”
Jawab rakana “Teu aya sanes mimitina lamun hayang ma’rifat kedah pilari rukunna heula. Lamun teu kapanggih rukunna salilana moal bisa tepi, kapan sadayana oge ngangge rukun bae. Saperti hayang Iman aya rukunna 6 perkawis, hayang Islam aya rukunna 5 perkawis, hayang ngalakonan Agama aya rukunna 4 perkawis, nyaeta

Layang Muslimin Muslimat
148
sare’at hakekat tarekat ma’rifat, kitu deui lamun hayang ma;rifat ka Allah ta’ala, kudu kanyahokeun rukunna”.
Saur raina “Naon te rukunna ma’rifat teh? Sareng sabara hiji?”
Jawab rakana “Rukun ma’rifat aya opat perkara, ceuk sifat dua puluh mah sifat Wahdaniyah tea. Hartina 1 Dzatna, 1 Sifatna, 1 Asmana, 1 Af’alna. Eta anu opat perkara kumpul aya di manusa, mung anu tilu mah Dzat, Sifat, Asma eta barangna gaib tapi aya. Nu matak manusa diwajibkeun kudu percaya kana barang goib, geuning dalilna tina surat Al-Baqarah dina palebah :
Hudan lil muttaqiina
Hartosna pami teu lepat : Ari nu kasebut jalma muttaqin teh nyaeta jalma nu sieun ku Allah, anu ngalakonan sakabeh parentahna, jeung nu ngajauhan kana sakabeh cecegahna.
Alladziina yuminuuna bil ghoibi ‘
Hartosna pami teu lepat deui : Jeung nyaeta sakabeh jalma anu Iman nekadkeun, ngabenerkeun sarta ngaku kana perkara nu gaib.
Tuh gening rai jalan anu kasebut Muttaqin teh nu ngalakonan kana parentahna Allah, nu ngajauhan kana cecegahna Allah jeung anu Iman sarta ngaku kana goib teh kedah yakin heula kana barang-barangna, sabab goib teh lain teu aya, tangtu ayana tapi katingalina kedah ku goib deui, ari nu goib di wujud manusa teh nyaeta Dzat Sifat Asma Allah tea, jadi ditingalina oge kedah ku goibna manusa deui, da manusa oge aya goibna, gening ceuk Hadist :
Wallaahu ghoibun al insaanu ghoibun
Hartosna : Allah goib, manusa goib.
Jadi hartina eta goib teh sifat-sifatna hakekat.
Dzat nyaeta hakekatna Allah
Sifat nyaeta hakekatna Muhammad
Asma nyaeta hakekatna Adam
Tah lamun urang geus yakin ningali kana eta sifat-sifatna hakekat, tanwande urang bisa tepi kana ma’rifatullah. Sabab sing emut ari basa “Allah” teh eta tetep ngaran, ngaran saparantosna Isbat hartosna sanggeusna dohir manusa, ari dohirna manusa teh sanggeus gulungna Dzat, Sifat, Asma, Af’alna Allah. Al hasil lamun manusa geus ma’rifat (ningali) kana eta sifatna nu opat perkawis, nya nu kitu pisan nu disebat ma’rifat ka Allah teh, sabab eta nu 4 teh jadi lafad Alif (), Lam (?), Lam (?), He (^), barang dikantetkeun jadi lafad Allah (). Dina lebah dinya eta lafad teh teu acan uni Allah, jalaran teu acan aya Tasjid (_), jadi ana kitu eta tasjid teh kanyataan

Layang Muslimin Muslimat
149
manusa, sabab aya jenengan Allah teh sanggeusna aya manusa. Jadi eta nu opat huruf kalima tasjid gulungna nya uni Allah (). Paingan dawuhan moal aya Aing mun teu aya Muhammad (manusa), moal aya Muhammad lamun teu aya Aing, ayeuna bukti dina lafadna oge, Alif Lam Lam He teh teu pipisahan sareng Tasjidna. Jadi tetela manusa teh teu aya antarana sareng Gusti Allah, gening aya dalilna :
Wa nahnu aqrobbu ilaihi min hablil wariid
Hartosna : Aing leuwih deukeut ka maneh sanajan diibaratkeun urat beuheung jeung maneh oge, deukeut keneh Aing jeung maneh.
Saur raina “Ieu katerangan engkang langkung kahartos, namung manawi aya, babandingan di dunya eta jenengan Allah te,h supados kahartoseun ku jalma umum.
Jawab rakana “Tangtu bae aya mah, sabab sare’at teh kalangkang hakekat. Kieu rai ari mungguh sare’at mah jenengan Allah teh beda sareng jenengan Governement, da Governement oge teu kenging ditunjuk wujudna, sabab upama ditunjuk mah kaburu lain, geura upama urang netepkeun Governement teh ka Paduka Sri Baginda kapan eta mah Raja, nuduh ka Residentna Assistant Bupati, kapan eta mah Pamarentahna, nunjuk ka bawahannana kapan eta mah Nagarana, nuduh ka jalmajalma urang kampungna, kapan eta mah Rayatna, jadi hartina eta Governement teh hiji perkumpulan, rukunna opat perkara 1 ku ayana Raja, 2 ku ayana Pamarentah, 3 ku ayana Rayat, 4 ku ayana Nagara (bawahannana). Sarukunna eta opat sifat nya ngadeg jenengan Governement, jadi ana kitu eta Governement teh, ngaran anu ngaliputan kana 4 sifat. Sanggeus ngadeg jenengan Governement nya didinya nyieun Wet hukuman-hukumannana, aturan-aturan nya buktina Wet Staatsblad. Jadi Allah oge jenengan, nyaeta jenengan nu ngaliputan kana 4 sifat, nyaeta Dzat Sifat Asma Af’al tea, Dzat teh ibarat Raja, tah naon Rajana dina wujud manusa? Asma ibarat Rayatna, tah naon nyatana dina wujud manusa? Af’al ibarat Nagarana, tah naon buktina dina wujud manusa? Upami parantos terang kana barangna, eta nu opat kalawan yakin katingali ku panon ati, tah nu kitu pisan nu disebutkeun ma’rifat ka Allah teh, matak boro-boro kurang tilu, kurang hiji oge teu syah ma’rifatna. Gening bukti dina lafadna oge, lamun urang nulis lafad Allah, tapi hurufna kurang hiji, naha uni lafad Allah? Toh moal, komo lamun kurang tilu mah beuki nyocod. Jadi ieu oge adegan wujud manusa, kirang hiji moal bisa ngadeg. Kitu deui nami Governement nya eta kumpulana anu opat, Dzat Sifat Asma Af’al”.
Raina tumaros deui “Dupi eta kana Dzat naha wajib katingalina? Sedeng kapan Dzat mah ceuk dalilna Bila Haeffin, hartina teu warna teu rupa, teu beureum teu koneng, teu bodas teu hideung, teu poek teu caang”.
Jawab rakana “Teu wajib ningali kana Dzat mah, wajib soteh tingali (nyaho) bae ayana bari karasa, diibaratkeun kana barang dunya mah sapertos kana seuneu, ningali mah keur kana hurungna (sifatna), dupi tingali mah keur kana panasna, wajib nyaho kana ayana panas, saratna upama hayang yakin kana ayana panas kedah dirampa eta sifatna seuneu, tangtos yakin ayana panas teh, kitu deui lamun urang geus ningali kana sifatna Gusti, tangtos karaos ayana Dzat teh, sarta karaos ngaliputannana kana

Layang Muslimin Muslimat
150
sagala sifat-sifat, malah karaos sifat teh kaluar tina Dzat. Jadi, Dzat anu leuwih kawasa, ibarat hurung (sifatna) seuneu tangtu pisan bijilna tina panas, da buktina upama urang rek nyieun seuneu tina kayu api, rek hurungna teh gening kudu digesrekeun heula sikina sareng cangkangna, sina panas heula. Barang geus panas kakara bijil hurungna, didinya hurung jeung panas jadi hiji, nu nyieun sareng nu dijieun. Da kitu padika Allah mah nu nyieun sok ngahiji jeung nu dijieunna, teu saperti padika manusa mun barang jieun teh, sok pipisahan jeung nu dijieunna, dupi Gusti Allah mah. Anjeuna nu midamel, Anjeuna nu jumeneng, asal Nafi jadi Isbat. Isbat Nafi jadi hiji, nu Nafi,  nu Isbat”.
Raina nyaur deui ”Dupi eta kanyataannana Dzat Sifat Asma Af’al, naon nyatana dina wujud urang?”
Jawab rakana“Euh rai eta mah rasiah teu kenging dicarioskeun didieu, sabab eta teh Ilmu, jeung kapan ngambah kadinya mah kudu boga wudu heula, hartina kudu
Qurais (Tapa), sabab ieu mah ilmuna Agama Rasululloh, kapan Kangjeng Nabi Sholallohu ‘alaihi wassalam teh urang Qurais, hartina kudu ahli tatapa. Sing seueur ngosongkeun patuangan”.
Jawab raina “Dina nalika Kangjeng Rasholulloh sholallahu ‘alaihi wassalam
jumeneng di Mekah, naha ieu ilmu teh digelarkeun ka umat-umat sadayana?”
Jawab rakana “Henteu digelarkeun ka sadayana, malah sok dipidamelna oge di Guha, nyaeta nu disebatkeun Jabbal Iqra, mung ditibankeun ka para Sahabat bae babakuna ka Sahabat Ali, supaya bisa turun tumurun ka putrana terus ka zaman akhir.
Kadua perkawis nu mawi ieu ilmu teu ditibankeun ka umat-umat zaman harita teh kurang perluna, jalaran zaman harita mah nu pada Islam teh gampang. Asal parantos ningali kana Pemeunteuna Kangjeng Nabi Sholallohu ‘alaihi wassalam, sarta atina percaya yen ieu teh utusanna Allah ta’ala, sarta dilakonan parentahna harita, keneh eta jalma Islam kabeh (salamet), jadi ayeuna oge haqna Islam teh anu parantos ma’rifat (ningali) ka Kangjeng Nabi Sholallohu ‘alaihi wassalam, bari diturut parentahna eta Islam. Namung ningali teh sanes kana sare’atna (Majajina) tapi kana hakekatna nya eta nu kasebat Johar Awwal (cahya nu mimiti) didamel ku Gusti nu Maha Suci, nyaeta sifatna Allah ta’ala, atawa sifat Qudrat (kawasa) tea, babuning Roh sakabeh”.
Raina tumaros deui “Dupi eta anu disebat hiji Asmana Allah teh naon tea?”
Jawab rakana “Nu kasebut hiji Asmana Allah ta’ala teh nyaeta sifatna Roh (Adam Hakeki) barang goib keneh nya nu sok disebut Ismudzat tea. Sifatna Iradatna Allah ta’ala, jadi sifat jeung Asma Gusti Allah teh nyaeta Jauhar Awwal sareng Roh. Qudrat anu ngahirupkeun manusa, Iradat (Roh) nu ngajadikeun paningal, pangrungu, pangangseu, pangucap, nu mawi manusa teh asal tina Qudrat Iradatna Allah ta’ala, tah eta sifat-sifatna Qudrat Iradatna Allah ta’ala teh asalna ti dinya, atuh kudu balik deui ka dinya. Nu matak wajib dikanyahokeunnana, supaya bisa mulih ka

Layang Muslimin Muslimat
151
jati mulang ka asal. Lamun manusa teu ma’rifat ka dinya, tangtu maotna balik deui ka dunya. Kapan barukti gening pada marakayangan jaradi jurig setan siluman, samangsa-mangsa maot balik ka dunya, atuh kapan ieu dunya teh bakal ruksak, ceuk rukun Iman wal yaumil akhiri tea, tiap-tiap balik kana tempat nu bakal ruksak, tangtu urangna nu ngeusiannana oge milu ruksak, teu salah deui”.
Saur raina “Ayeuna ku rai parantos kahartos pasal 1 Dzatna 1 Sifatna 1 Asmana, kantun 1 Af’alna Allah ta’ala. Naon nyatana hiji dadamelanna Allah ta’ala teh?”
Jawab rakana “Kapan ieu wujud nu dipake ku rai nyatana teh, naha raraosan rai ieu wujud teh meunang ngadamel Ibu sareng Rama? Beu lamun Ibu Rama tiasa nyieun wujud atuh Laa Haula ge lain, kitu deui upama manusa bisa nyieun wujud, pisakumahaeun teuing paalus-alusna, nyieun anak teh, jadi saleresna Ibu Rama mah ngan jadi lantaran wungkul, nu ngajadikeunnana mah tetep teu aya sanes anging Gusti Maha Suci bae, ngabuktikeun kakawasaannana, tatapi sanajan kawasa kedah nganggo sabab bae, ceuk dalilna :
‘Innalloha’ala kuli syaiin sabaaba, Hartina : Gusti Allah ngajadikeun sagala rupa kalawan sabab bae. Bilih rai tacan tingali ieu mah wujud ranteanna (ngahijina) kana Dzat-Sifat-Asma-Af’al, atawa mun dina lafadna mah ngahijina Alif-Lam-Lam-He, katarik kana kanyataan (), jadi ieu Af’al teh wujud jadi huruf He-na lafad Allah.
Jawab raina “Naha, sanes ieu mah anyar?”
Jawab deui rakana “Anyar soteh Isbatna (ayana), kapan ieu teh barang nu Nafi tea, Nafi Isbat jadi hiji.
Jawab raina “Upami enya ieu wujud teh barang Nafi, naha atuh sok ruksak buruk bau dikuburna?”
Jawab deui rakana “Bisa jadi buruk batin, lamun ieu wujud diaku wujud rai (manusa), da ieu mah lain wujud manusa tapi wujud (buktina) dadamelan Gusti Allah, pikeun tempat manusa jeung pikeun parabot pikeun nyumponan sagala karep manusa, geura pikir ku rai upami rai hoyong ka Batawi, naha ieu wujudna nu hayang ka Batawi teh?”
Jawab raina “Kantenan rasana nu hayangeun mah”
Jawab rakana “Tah gening kaharti, enya rasa, tapi naha eta rasa bisa datang ka
Batawi, upama teu dianteurkeun ku ieu wujud?”
Saur raina “Moal dongkap, bujeng-bujeng kanu tebih-tebih, sanaos hayang ka cai oge moal bisa upami teu dibawa ku wujud, tapi wujud oge panginten moal bisa indit upami teu ku Dzat Sifat Asma (hirup jeung rohna) Allah ta’ala mah, paingan ceuk Hadist sagala karepna manusa moal jadi lamun teu dibarengan ku Allah”.
Saur rakana “Tah lebah dieu Gusti Allah karaos teu pilih kasihna ka sadaya manusa teh, sabab rata pada dipaparin wujud kanyataan Af’alna Gusti Allah, pikeun

Layang Muslimin Muslimat
152
ngabarengan sarta ngajadikeun saniskara karepna manusa, kapan eusina ieu alam dunya sakieu parentulna, boh gedong-gedong, kapal-kapal nu di cai nu di luhur, mobil kareta api sareng sakumna bae eusina ieu dunya, teu aya sanes nu ngajadikeunnana lian ti wujud (Af’alullah), tapi anu boga karepna mah manusa, kitu deui pikeun eusina Akherat oge boh Sawarga boh Naraka, ayana teh beubeunangan pagawean wujud ieu keneh bae, beunang nyieun ayeuna di dunya. Nu matak tetep Gusti Allah Suci, teu ngalap faedah ngadamelna manusa teh, teu rek ngaganjar teu rek nyiksa ka sakabeh manusa teh, enya soteh bakal aya Sawarga Naraka beunang tekad laku lampah waktu urang keur waktu di dunya, kumaha ngagolangkeunnana kana ieu Af’alullah (wujud) bae, sabab Gusti Allah maparin hiji Af’al ka masing-masing manusa teh cukup keur ngayakeun eusi dunya jeung Akherat. Kusabab kitu, atuh rai sing atos-atos ngajalankeun ieu Af’alullah teh, da ieu teh amanat Gusti Allah barang suci, ulah gagabah digunakeunnana, jalankeun kana kasaean bae, pake ibadah kanu kagunganana, pake muji bari dibarengan ku soleh, hartina kudu suci atina, suci ucapna, suci laku lampahna, ati ulah dipake sirik pidik ujub ria takabur, goreng sangka ka papada manusa, ucap ulah dipake ngupat simuat ka batur, wujud ulah dipake laku lampah mak’siat. Nu matak Gusti Allah ngayakeun kitab Qur’an nyaeta, pikeun anggeranggeranana lakuna manusa sangkan ulah nyorang kanu disebut bieu diluhur. Al hasil eta kitab Qur’an teh lain pikeun ngahukuman ka batur, tapi pikeun ngahukuman kana dirina sorangan (kanu macana pribadi) tapi sabagian ageung beunangna ngaji kitab Qur’an teh, sok dipake ngahukum kana kalakuan batur, kana ilmu nu aya di batur. Jarang anu sok dipake ngahukum kana laku ucapna sorangan anu goreng. Tadi ge Amaluna amalukum, hartina amal urang keur urang, amal batur keur batur, sareng rai sing emut, ieu Af’alullah lamun ku urang ayeuna dipake ngalakonkeun kagorengan saperti nu kasebat diluhur bieu, balukarna tangtu jadi Naraka (kateungeunahan) ti ayeuna terus kababawa ka Akherat, malah engke mah di Akherat beubeunangan kagorengan-kagorengan teh, boh tina ucap boh tina laku ti kawit aqil baligh tepi ka maot jadi hiji, nya jadi Naraka nu leuwih gede sarta dipake tempat ku urang sarta langgeng. Sabalikna lamun Af’alullah ti kawit aqil balighdijalankeunnana kana kahadean, dipake ibadah dipake laku ucap tekad anu hade, tangtu engke di Akherat jadi adegan Sawarga nu leuwih agung kani’matannana sarta langgeng”.
Raina unjukan deui “Pasal eta sakur anu disaurkeun ku engkang diluhur kahartos pisan, nya kedah kitu kalakuan Islam teh, nu teu tiasa kitu sanes Islam. Ayeuna tumaros deui, rehna ieu wujud teh hiji kanyataan wujud Af’alullah (dadamelan) jadi sidik ieu teh sanes wujud manusa, namung upami sanes ieu, atuh nu mana ari wujud manusa nu sayaktosna ?”
Jawab rakana bari gumujeng “Wujud manusa mah gaib, aya tapi teu ngajentul, da nu jarentul mah kanyataan Af’alullah, diri manusa mah nyumput, nu matak ku Hadist dicarioskeun :

Layang Muslimin Muslimat
153
’Man arofa nafsahu faqod ‘arofa robbahu’Man arofa robbaha faqod jahilan nafsahu
Hartosna : Saha-saha jalma anu geus nyaho kana dirina, tangtu nyaho ka Pangerannana, saha jalma anu geus nyaho ka Pangeran, tangtu ngarasa bodo dirina. Tuh diri urang teh kudu diteangan gening, atuh sidik ieu mah nu ngajentul lain diri manusa, piraku kudu neangan barang anu geus bukti, malah ti leuleutik oge ieu mah geus diaku, geus kapanggih. Tah jadi lamun manusa nyaho kana dirina sorangan tangtu ngarasa bedana antara Allah jeung manusa (Gusti lan Kaula), bedana nu suci jeung nu kotor, satiap ngarasa kotor, geus tangtu nyaho jalanna nu jadi kotor, tangtu daek beberesihna (tobat)”.
Keur kitu Raden Kamil ngareret ka wetan, katingali parantos balebat, tembong Fajar Sidiq, lajeng nyaur ka raina “Aduh rai itu parantos balebat, hayu urang siram urang netepan Shubuh heula, mun teu repot ku tunduh, wengi enjing urang teraskeun deui”.
Saur raina “Mangga”.

Pun, Tamat Kitab Layang Muslimin Muslimatna.



Posting Komentar

0 Komentar