HADNA THORIQOT SUFIYAH
Ari hadna ilmu Thoriqot Sufiyah, nyaeta elmu paranti nganyahokeun kana tingkahna nafsu anu di pujina atawa anu dicacadna, jeung nganyahokeun cara pertingkahna ngaberesihkeun eta nafsu tina sifat Madzmumah, jeung nganyahokeun cara mapaesannana eta nafsu ku sifat Mahmudah, jeung nganyahokeun pertingkah ngambah jeung leumpang menuju ma'rifat ka Alloh Ta'ala.
MAUDLU'NA THORIQOT SUFIYAH
Ari maudlu'na thoriqot sufiyah, nyaeta pagawen hate jeung panca indra dina nilik cara ngabresihkeun, jeung ngamurnihkeunnana.
TSAMROHNA THORIQOT SUFIYAH
Ari Tsamrohna thoriqot sufiyah, nyaeta keur ngaberesihkeun hate sangkan bisa ma'rifat kana pirang-pirang alam ghoib, boh kapanggihna teh ku daek, tegesna pangrasa, jeung ku Wujdan, tegesna paningal hate, jeung ngahontal kasalametan di akherat, jeung ngahontal kabagjaan dumeh meunang karidloan Alloh, jeung kabagjaan anu lawas, jeung ngahontal kana papadangna hate, tegesna beresihna hate, nepi kabisana kabuka, atawa katinggal sagala perkara Anu Agung, jeung ningal kana pirang-pirang tingkah anu aheng.
FADLUNA THORIQOT SUFIYAH
Ari fadluna thoriqot sufiyah, nyaeta pangmulya-mulyana ilmu, lantaran cumantel piken ma'rifat ka Alloh jeung mikacinta ka Anjeunana.
NISBATNA THORIQOT SUFIYAH
Ari nisbatna thoriqot sufiyah, nyaeta asalna sakabeh elmu, jeung jadi syarat kana sakabeh elmu, karana moal aya elmu, jeung moal aya amal anging ngeja tawajuh ka Gusti Alloh.
Ari ma'na tawajuh teh nyaeta mulajamahna hate ka Alloh kana ma'na ismudzat. Jadi nisbatna ieu elmu teh saperti nisbatna ruh kana jasad.
WADLI'NA THORIQOT SUFIYAH
Ari wadli'na thoriqot sufiyah nyaeta Gusti Alloh Tabaroka Wa Ta'ala, Anjeuna ngawahyukeun ka Rosululloh saw, sareng ka para nabi samemeh Kanjeng Nabi saw. Jadi kauninga elmu thoriqot teh arwahna elmu syare'at.
Dawuhan Gusti Alloh dina
Al-Quran Surat Al-Maidah Ayat 48 anu hartosna:
"Tiap-tiap para Nabi ngajadikeun Kami Anu Agung ti antara maraneh, tegesna nabina umat-umat diayakeun syare'atna jeung thoriqotna, tegesna jalan karohaniannana".
ISMUNA THORIQOT SUFIYAH
Ari ismuna thoriqot sufiyah nyaeta elmu thoriqot ahli tasawuf, anu di antarana Thoriqot Qodiriyyah Wan Naqsyabandiyyah.
ISTIMDADNA THORIQOT SUFIYAH
Ari istimdadna atawa dadasarna thoriqot sufiyah nyaeta tina Quran jeung tina Hadits jeung tina atsarna (cariosan) sahabat jeung tina Ijma' Qiyas para ulama Salaf jeung ulama Kholaf.
HUKUMNA THORIQOT SUFIYAH
Ari hukumna thoriqot sufiya ceuk syara, nyaeta Hukumna Wajib 'Aen, karana henteu suwung-suwung salah sahiji manusa tina kacacadan, atawa tina gering hatena, iwal para Nabi 'Alaihi Musholatu Wassalam.
Dawuhan sapalihna ahli ma'rifat :
"Sing saha jalma anu henteu boga bagian tina ieu elmu, tegesna ilmu bathin, mangka mikasieun kaula kana ka manehna tina Su'ul Khotimah, tegesna goreng panungtung, nyaeta maotna heunteu eling ka Alloh".
MAS'ALAHNA THORIQOT SUFIYAH
Ari masalahna, tegesna bahasannana, nyaeta pirang-pirang qodiyyah anu ngabahas ngoreksi pirang-pirang sifatna hate, jeung anu anut ka dunya anu geus berlaku antara kaum-kaum seperti zuhud, tegesna tapa, jeung waro, tegesna apik jeung mahabbah, tegesna cinta ka Alloh, jeung Fana tegesna ruksak sifat Madzmumah, jeung Bako' tegesna langgengna sifat anu terpuji, nyaeta akhlaq anu hade.

0 Komentar